Senin, 24 Oktober 2011

TAHAJUD

Ya Allah…..
Kuring nyangharep ka Anjeun pinuh dosa
mawa awak anu pacokol nafsu duniawiyah
nu hese lesot, hese ngalesotkeunana

kuring ayeuna nyumponan pangajak Nabi
Parentah Anjeun yen kudu ngadegkeun
Solat tahajud dina tengah peuting
Nalika jalma-jalma anteng ku impenannana

Kacida berat nyumponan parentah Anjeun
Awak kuring nu susah hudang najan hate
Jeung pikiran mah kacida hanyangna

Ya Allah…
Kuring sono pateupung sareung Anjeun
Sareung Rosul Anjeun..
Kuring lir ibarat rametuk nu taya hartina
Tapi kuring embung disebut euweuh hartina
Kuring haying bagja dunia akherat
Kuring haying salamet dunia akherat


Teungah Peuting peuting jempling
Al-Muawanah, Ibn Hajar, 17 Ramadhan 1930 H

Tidak ada komentar:

Posting Komentar